Selasa, 02 April 2013

Babasan jeung Paribasa

Adigung adiguna : takabur, sombong
Ambek nyedek tanaga midek : napsu gede tapi tanaga euweuh
Anjing ngagogogan kalong : mikahayang nu lain-lain
Adat kakurung ku iga : lampah goreng hese leungitna
Alak paul : jauh pisan
Aki-aki 7 mulud : geus kolot pisan
Ayem tengtrem : tanaga teu aya kasieun
Asa teu beungeutan : awahing ku era
Anu borok dirojok nu titeuleum disimbeuhan : mupuas kanu keur cilaka
Amis budi : hade paroman
Aya jurig tumpak kuda : aya milik nu teu disangka-sangka
Aya jalan komo meuntas : aya kahayang aya nu ngajak
Awewe dulang tinande : awewe nurutkeun kahayang salaki
Amis daging : babari katerap panyakit
Abong letah teu tulangan : sagala dicaritakeun sanajan pikanyeurieun batur
Ari umur tunggang gunung angen-angen : ari umur geus kolot, tapi ari kahayang siga budak ngora
Agul ku payung butut : agul ku turunan
Aya pikir kadua leutik : aya kahayang
Asa ditonjok congcot : ngarasa bungah pisan
Adean ku kuda beureum : ginding ku pakean meunang nginjeum
Birit aseupan : teu daek cicing
Biwir nyiru rombengeun : resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
Bengkung ngariung bongkok ngaroyok : sauyunan, ngariung babarengan
Beurat birit : hese dititah
Bali geusan ngajadi : lemah cai kalahiran
Balungbang timur : nuduhkeun hate bersih
Bobo sapanon carang sapakan : aya kakurangan
Bilatung ninggang dage : bungah pisan
Batok bulu eusi madu : ninggang lain pitempateuna
Badak cihea : degig
Bonteng ngalawan kadu : nu hengker ngalawan nu bedas
Babalik pikir : insap
Balik pepeh : nu gering teu daek ciciing
Balik ka temen : asal banyol jadi pasea
Buntut kasiran : medit
Bodo alewoh : bodo tapi daek tatanya
Bodo kawas kebo : bodo kacida
Beja mah beja : beja ulah waka dipercaya
Bancang pakewuh : pikasusaheun
Budak keur meujeuhna bilatung dulang : keur meujeuhna beuki dahar
Bulu kapaut : kabawa kubatur
Balabar kawat : beja nu sumebar
Beak dengkak : sagala ihtiar geus diusahakeun tapi teu hasil bae
Batan kapok galah gawok : batan eureun kalah manceuh
Buruk-buruk papan jati : hade goreng dulur sorangan
Cueut kahareup : tereh maot
Deukeut-deukeut anak tales : deukeut tapi taya nu nyahoeun
Dog dog pangrewong : acara panambah
Dibabuk lalaykeun : dibabuk kenca katuhu
Dagang oncom rancatan emas : teu saimbang
Dihin pinasti anyar pinanggih : papasten geus ditangtukeun ku gusti Alloh
Dug hulu pet nyawa : usaha satekah polah
Elmu ajug : bisa mapatahan batur ari sorangan teu bisa ngamalkeun
Gantung denge : masih dedengeun
Ginding kekempis : ginding tapi sakuna kosong
Gede gunung pananggeuhan : boga andeleun pedah bogaulur beunghar


Tidak ada komentar:

Posting Komentar