Minggu, 07 April 2013

Babasan jeung Paribasa 2

Garomengmengeun : taya kasabaran
Gelehgeh gado : sagala dicaritakeun
Garo singsat : pagawean awewe dina aya ka teu panuju
Gurat batu : pageuh kana jangji atawa mawa karep sorangan
Goong saba karia : nonjolkeun maneh sangkan kapake ku dunungan
Goong nabeuh maneh : ngagulkeun diri sorangan
Getas harupateun : gancang napsu
Gindi pikir belang bayah : goreng hate
Hampang birit : daekan kana gawe
Hambur cingcot murah bacot : goreng carek tapi berehan
Heuras genggerong : omongana sugal
Hade gogog hade tagog : jalma sopan
Hutang salaput hulu : hutangna kaditu kadieu
Hurung nangtung siang leumpang : nu beunghar pangabogana dipake
Hejo tihang : sok pundah pindah gawean
Harigu manukeun : dadana nyohcoh kahareup
Haripeut ku teuteureuyan : gancang kapincut kupangbibita
Harewos bojong : ngaharewos tapi kadenge ku batur
Handap lanyap : omongna lemes tapi ngahina
Halodo sataun lantis kuhujan sapoe : kahadean mang taun-taun leungit kagorengan sakali
Heureut pakean pungsat bahan : kurang kaboga
Hampang leungeun : gancang tunggal-teunggeul
Iwak nangtang sujen : ngadeukeutan pibahayaeun
Inggis batan maut hinis : paur pisan
Jalma atah warah : teu narima didikan sacukupna
Jati kasilih ku junti : pribumi kaelehkeun ku semah
Jauh-jauh panjang gagang : jauh-jauh teu beubeunangan
Kawas anjing tutug buntut : teu daek cicing
Kawas anjing kadempet lincar : gogorowokan menta tulung
Kawas bueuk mabuk : ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
Kurung batok : tara indit-inditan jauh
Kawas beusi atah beuleum : beungeutna beureum awaning ambek
Kokolot begog : budak pipilueun kana urusan kolot
Kawas nu dipupul bayu : leuleus taya tangan pangawasa
Kumaha geletuk batuna, kacebur caina : kumaha brehna
Kejot borosot : gampang nyokot kaputusan teu dipikir heula
Kabawa ku sakaba-kaba : kabawa kanu teu puguh
Kahieuman bangkong : jiga beunghar pedah katitipan barang batur
Katempuhan buntut maung : batur nu boga dosana urang nu katempuhanana
Kawas cai dina daun taleus : taya tapakna
Kawas jogjog mondok : teu daek repeh
Kelek jalan : deukeut tapi jalanan taya nu lempeng
Kawas jaer kasaatan : teu daek cicing
Kawas gaang katincak : jempe
Kawas hayam payambungan : lumbang-limbung teu puguh
Kawas kuda leupas tina gedongan : garasa bebas
Kaciwit kulit kabawa daging : anak nu boga dosana kolot nu kababawa
Kandeul kulit beungeut : teu boga ka era
Kujang dua pangadekna : pagawean nu maksudna dua cabak
Kokoro manggih mulud : makmak mekmek
Kawas kedok bakal : goreng patut pisan
Kaliung kasiput : loba baraya beunghar
Kawas kapuk kaibunan : leuleus taya tangan pangawasa
Kalapa bijil ti cungap : rusiah di caritakeun ku sorangan
Kawas kacang ninggang kajang : nyaritana capetang tur gancar
Kawas nyoso malarat rosa : malarat pisan
Kulak canggeum : milik nu geus ditangtukeun ku gusti Alloh
Kembang buruan : budak nu keur resep ulin
Kawas leungeun palid : uyap ayap teu daek cicing
Kawas lauk asup kana bubu  : hese rek kaluar
Kawas merak : beuki kana cengek
Kawas cucurut ka ibunan : goreng patut pisan, kulimis
Kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak : sauyunan
Leuleus awak : daekan
Leuleus jeujeur liat tali : gede tinimbangan
Laer gado : kabitaan
Leutik-leutik ngagalatik : awakna leutik tapi gede kawani 
Landung kandungan laer aisan : gede tinimbangan
Lalaki langit lalanang jagat : gagah perkasa
Lauk buruk milu mijah : marok-marokan maneh
Lesang kuras : teu biasa nyekel duit
Leumpeuh yuni : teu kuat nenjo nu cilaka
Lodong kosong ngelentrung : jalma loba ngomong pangartina kosong
Loba luang jeung dulang : loba pangaweruhna
Leutik ringkang gede dulang : manusa awakna leutik jiwana gede
Legok tapak gengteng kadek : loba pangalaman
Mengpeun carang ku ayakan : api-api teu nyaho tapi nyaho
Murag bulu bitis : teu betah cicing di imah
Mindingan beungeut ku saweuy : ngarusiahkeun hiji perkara padahal batur geus nyahoeun
Miyuni kembang : loba nu mika resep
Miyuni kohkol : nasibna diteunggeulan bae batur
Monyet dibere sesengked : nu rek hajat dibere parabot
Mipit teu amit, ngala teu menta : cocorokot kana barang batur
Monyet ngagugulung kalapa : boga elmu teu nyaho maksudna
Mopo memeh naggung : ngarasa hoream memeh di gawe
Maut nyere ka congona : sangsara ka kolotnakeun
Malengpeng pakel ku munding : migawe nu moel hasil
Nu asih dipulang seungit : kahadean dibales kahadean
Nete taraje nincak hambalan : tertib mapay ti handap
Nyeri beuheung sosongeteun : ngalieukan kanu rek datang
Ngajul bentang ku asiwung : pagawean nu moal aya hasilna
Ngabuntut bangkong : teu puguh tuluyna
Nyolong bade : bangun bageur tapi jahat
Nyeungeut damar di suhunan : barang bere hayang kapuji
Nyaah dulang : budak ngurus daharna wungkul, pendidikana teu dipirosea
Ngeplak jawer : taya wawanen
Ngadaun ngora : jadi rame
Nyoo gado : ngunghak
Nyalindung ka gelung : nu teu boga kawin ka awewe nu beunghar
Ngadu geulis : paalus-alus
Ngarep-ngarep kalangkang heulang : ngareup-ngareup rejeki bari teu usaha
Neundeun piheuleut : ngajak goreng
Ninggang kana kekecrek : nyagoreng rupa nyagoreng lampah
Ngalungkeun kuya ka leuwi : nitah balik ka lemburna
Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam : ari kabatur bageur ari ka dulur medit
Ngadeupaan lincar : api-api ngaliwat hayang diaku ngarep-ngarep pamere
Nyiduh ka langit : sahandapeun mapatahan ka saluhureun
Ngeupeul ngahuapan maneh : ngaluskeun hiji perkara pikeun kauntungan pribadi
Nangkeup mawa eunyeuh : ditulungan ahirna nyilakakeun nu nulungan
Ngadek saclekna ngilas saplasna : nyarita sajalantrahna
Nyieun pucuk ti girang : miheulaan nyieun pipaseaeun
Ngageuingkeun macan turuk : ngahudangkeun piambeukeun batur
Nulak cangkeng dina kelek : ngarasa luhur diri
Oray nyampeurkeun paneunggeul : nyamperkeun pibahayaeun
Paanteur-anteur julang : silih anterkeun
Panjang leungeun : Daek puak paok
Panjang lengkah : jauh panyabaanana loba pangalamanana
Pindah pileumpangeun : robah adat
Paeu teu hos hirup teu neut : gering ngalayanglayung
Pacikrak ngalawan merak : jalma hina ngalawan nu mulya
Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir : jalma lemah ngalawan nu  kuat
Pupulur memeh mantun : menta buruh memeh digawe
Puraga tambah ka denda : digawe tambah lumayan
Pagiri-giri calik pagirang-giran tampilan : pakia-kia teu daek sauyunan
Rea ketang reak keton : taya kakurangan
Silih jenggut jeung dugul : silih tulungan kanu teu boga
Saciduh metu saucap nyata : sakti ucapanana tara nyalahan
Sisit kadal : goreng milik
Sibanyo laleur : ngan saliwat geus beak deui
Saur manuk : ngajawab bareng
Sieun meubeut meulit : sieun kabawa
Titip diri sangsang badan : mihapeukeun maneh
Teu gedag bulu salambar : taya kasieun
Teu beunang dikoet ku keked : medit pisan
Tikikirik nepi ka jadi anjing : ti budak nepi ka sawawa
Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk : ti ngora nepi ka kolot
Teng manuk teng anak merak kukuncungan : kalakuan kolot nurun ka anakna
Tuturut munding : sagala rupa nurutkeun batur
Wawuh munding : wawuh ngan saliwat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar